Maja Kidul Dalem Sukahurang
MAJA KIDUL DALEM SUKAHURANG Kira-kira dina abad ka-16 Masehi di wewengkon Maja Kidul aya hiji pakampungan anu perenahna di sisi walungan Cilongkrang. Harita mah walungan Cilongkrang teh estu jadi tempat pangjugjugan balarea, sabab salian ti caina canembrang herang turta beresih, oge kasohor loba laukan, kayaning lauk hikeu, beureum panon, beunteur, tawes, jeung pangpangna panglobana mah nya eta lauk hurang. Ari anu mingpin eta kampung the nya eta hiji jalma anu luhung ku elmu jembar ku pangabisa, nu asalna ti Cirebon. Jenenganana nya eta Syeh Abdul Jalil. Anjeunna diutus pikeun nyebarkeun agama Islam di wewengkon pakidulan. Ku sabab anjeunna seneng tuang sareng hurang. nya ti harita katelah jadi Dalem Sukahurang nu ayeuna makamna aya di Blok Salasa Desa Maja Selatan. Dina mancen tugasna Dalem Sukahurang teh dibaturan ku rencangna nya eta Bapa Kelindur. Ari Kelindur the nya eta muridna Pangeran Cakrabuana ti Cirebon. Dina hiji waktu Syeh Abdul Jalil ngawangkong jeung Bapa Kelindur ...