Maja Kidul Dalem Sukahurang

MAJA KIDUL DALEM SUKAHURANG 

Kira-kira dina abad ka-16 Masehi di wewengkon Maja Kidul aya hiji pakampungan anu perenahna di sisi walungan Cilongkrang. Harita mah walungan Cilongkrang teh estu jadi tempat pangjugjugan balarea, sabab salian ti caina canembrang herang turta beresih, oge kasohor loba laukan, kayaning lauk hikeu, beureum panon, beunteur, tawes, jeung pangpangna panglobana mah nya eta lauk hurang.

Ari anu mingpin eta kampung the nya eta hiji jalma anu luhung ku elmu jembar ku pangabisa, nu asalna ti Cirebon. Jenenganana nya eta Syeh Abdul Jalil. Anjeunna diutus pikeun nyebarkeun agama Islam di wewengkon pakidulan. Ku sabab anjeunna seneng tuang sareng hurang. nya ti harita katelah jadi Dalem Sukahurang nu ayeuna makamna aya di Blok Salasa Desa Maja Selatan.

Dina mancen tugasna Dalem Sukahurang teh dibaturan ku rencangna nya eta Bapa Kelindur. Ari Kelindur the nya eta muridna Pangeran Cakrabuana ti Cirebon.

Dina hiji waktu Syeh Abdul Jalil ngawangkong jeung Bapa Kelindur ta.

"Heh Pa Kelindur, asana teh kacida alusna lamun di leu pakampungan. urang ngadegkeun hiji pasantren pikeun ngajarkeun bagbagan elmu kaislaman," saur Syeh Abdul Jalil.

"Ih atuh nya kantenan wae sae mah. Abdi oge panuju pisan upami Pangersa aya maksad ngadegkeun pasantren mah, margi tempatna garenah, hawana tiis, atuh ka cai tempat susuci oge caket bari caína herang sareng beresih," tembal Pa Kelindur.

"Nya sok atuh mun kitu mah ti ayeuna keneh urang bismillahan, urang cuang kukumpul bahan-bahanna, bari ajakan sapangeusi lembur sugan aya nu daek mantuan," saur Syeh Abdul Jalil deui.

"Sae, mangga, keun abdi nu bade ngajakanna mah susuganan aya nu keresaeun ngabantuan," ceuk Pa Kelindur daria naker.

Ti harita Syeh Abdul Jalil jeung Bapa Kelindur kalayan dibantuan ku sababaraha urang jalma pangeusi eta lembur, babarengan ngumpulkeun bahan-bahan bangunan pikeun ngadegkeun pasantren, kayaning kayu, batu, awi jeung sajabana. Tapi aneh, bahan anu sakitu lobana teh unggal peuting ngurangan saeutik-saeutik nepi ka beakna.

Sanggeus ditalungtik, singhoreng aya nu deleka. Bahan bangunan teh dipalingan ku pasukan jin buntung anu ngarasa teu panuju tempat eta dijadikeun pasantren.

Hiji waktu Bapa Kelindur ngintip hayang nyaho kumaha carana para pasukan jin buntung malingan eta bahan bangunan. Anjeunna naek kana kana tangkal maja. Tapi dadak sakala keuna ku hawa tunduh lain dikieuna nepi ka kasarean tilu poe tilu peuting dina tangkal maja teh lantaran kasirep ku ajian jin buntung.

Ku ngaleungitna Pa Kelindur, Syeh Abdul Jalil hariwang sok sieun aya bahaya. Sanggeus diteangan ka ditu ka dieu teu kapanggih, cop wae anjeunna boga sangkaan, moal boa diheureuyan ku jin buntung. Nya ti dinya anjeunna terus naek kana tangkal dahu, di dinya anjeunna ngadunga ka Gusti Nu Maha Suci sangkan Bapa Kelindur bisa gancang kapanggih deui kalayan salamet.

Ku kersaning Gusti Yang Widi, ahirna Pa Kelindur bisa kapanggih deui malahan dialanteurkeun ku pasukan jin buntung anu ngarasa taluk ku panasna hawa do'a Syeh Abdul Jalil. Pingpinan jin buntung oge gancang serah bongkokan bari pokna: "Aduh ampun Kangjeng Syeh...... Ti mimiti ayeuna pasukan kaula moal rek ngaganggu deui, jeung malahan siap bakal ngabantu kana pamaksadan Kangjeng Syeh ngadegkeun pasantren....!"

Geus kitu mah dadak sakala hawa panas leungit, atuh tangkal "dahu" jadi pugur. Pugur hartina daunna maruragan, anu ahirna tangkalna oge jadi paeh.

Tah nya ti harita eta pasantren nu diadegkeun ku Syeh Abdul Jalil teh dingaranan "Pasantren Dahu Pugur" tepikeun ka ayeuna.


Daftar Pustaka :

https://id.scribd.com/doc/84814488/CARITA-BABAD


Nama Anggota :

1. Adinda Indira

2. Adinda Tiara

3. Andhita 

4. Bunga Sella

5. Cindra

6. Dinda Elfrida Yusuf 


Komentar

Posting Komentar